Pengertian dongeng



Pengertian dongeng

Dongeng teh sok disebut oge carita rakyat atawa carita balarea Pengertian dongeng

 

Dongeng teh sok disebut oge carita rakyat atawa carita balarea. Pangna dongeng teh disebut karya balarea, lantaran tara kanyahoan saha nu ngarangna tur sumebarna sacara lisan. Nurutkeun susunan basana, dongeng kaasup kana wangun lancaran (prosa). Ciri umum anu aya dina dongeng nyaeta :

1.       Carita basajan
2.       Ngandung ajen atikan
3.       Ragem atawa rineka. Jeung
4.       Ngandung unsur pamohalan.
Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana pararondok. Memang aya oge dongeng anu unsur pamohalanana teh hnteu karasa, nyaeta dongeng dongeng anu nyaritakeun kahirupan sapopoe saperti dongeng dongeng si kabayan.

Eusi dongeng teh umumna ngandung atikan moral. Upamana bae jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal emnang siksaan atawa cilaka.
Palaku dina dongeng mah bisa saha bae , bisa sasatoan, tatangkalan, manusa, gunung, jin, jeung sajabana. Aya kalana latar tempat jeung latar waktuna oge ngandung pamohalan deuih.

Dumasar kana eusina dongeng teh bisa dipasang pasing jadi sababaraha golongan, nyaeta:

1.       Dongeng sasatoan/fabel
2.       Dongeng sasakala
3.       Dongeng mite
4.       Dongeng pamuk. Jeung
5.       Dongeng farabel.
Unsur unsur dina dongeng teu beda jg unsur unsur nu aya dina wangun prosa sejena.
Unsur unsur nu aya dina dongeng nyaeta ngawengku, tema, galur, latar, palaku, amanat, gaya carita, jeung puseur implengan.

Dugi dieu bae materi anu tiasa didugikeun kabalarea mugia materi ieu tiasa ngadamel hiji manfaat anu ageung kanggo nu atos macana sareung nu atos ngareugeupkeun.
Yuk ayeunamah urang sami sami diajar, sabab nu namina diajarmah penting pisan kanggo kahirupan urang, nu namina belajar mah teu ninggal umur, bade budak leutik dugika aki aki jeung nini nini oge diajar mah penting pisan sabab ku arang mineung diajar maka urang bakal jadi jalama pinter moal jadi jelema boloho.

Related : Pengertian dongeng

0 Komentar untuk "Pengertian dongeng"

DUKUNG KAMI

SAWER Ngopi Disini.! Merasa Terbantu Dengan artikel ini? Ayo Traktir Kopi Dengan Cara Berbagi Donasi. Agar Kami Tambah Semangat. Terimakasih :)
close
close