Jenis jenis biantara



Jenis jenis biantara

Biantara nyaeta nyarita diharepeun balarea Jenis jenis biantara

 

Biantara nyaeta nyarita diharepeun balarea, kalawan miboga maksud anu tangtu biantara anu hade kudu saluyu antara tema jeung eusi anu dibawakeun dina biantara. Biantara dina basa deungeun sok dipikawanoh ku istilah orasi, jalama anu pidato atawa anu ahli pidato sok disebut orator.

Aya opat jenis biantara, nyaeta :

1.       1. Biantara dadakan (impromtu), tanpa persiapan:
 nyaeta biantara anu sifatna dadakan tanpa dipersiapkeun heula ku oratorna. Contona biantara dina acara ulang taun.
2.       2. Biantara ku cara ngapalkeun :
     Disiapkeun heula ku cara ngapalkeun naskah. Contona biantara pupuhu sakola dina paturay tineung.
3.       3.     Biantara ku cara maca naskah.
 Contona biantara pupuhu nagara republik indonesi
4.       Biantara ku cara teu make naskah (ekstenporan).
Tapi aya galur eusina, ngan dina prakna mah di talar. Contona biantara seren sumeren.

Langkah langkah biantara nyaeta :

1.       Nepikeun bubuka
2.       Nepikeun watesan masalah
3.       Medar eusi
4.       Kacindekan
5.       Panutup.

Bagean bagean tina biantara nyaeta :

1.     -  Bubuka, nu dimimitian ku salam bubuka

Contona : assalamualaikum wr wb
bapa miwah ibu sadayana girang pangajen anu kusimkuring dipihormat, hadirin anu sami linggih dina ieu patempatan.

2.      - Eusi biantara

Contona : hadirin hormateun simkuring
Urang sadayana panginten parantos uninga, rehna murangkalih jaman kiwari teh seuseur pisan kakeunaan ku virus budaya deungeun.

3.       Panutup biantara

Contona : panginteun mung sakitu anu tiasa kusimkuring di pihatur, hapunten samudaya kalepatan. Akhirul kalam billahi taufik walidayah
Wassalamualaikum wr wb.


Dugi dieu bae materi anu tiasa didugikeun kabalarea mugia materi ieu tiasa ngadamel hiji manfaat anu ageung kanggo nu atos macana sareung nu atos ngareugeupkeun.
Yuk ayeunamah urang sami sami diajar, sabab nu namina diajarmah penting pisan kanggo kahirupan urang, nu namina belajar mah teu ninggal umur, bade budak leutik dugika aki aki jeung nini nini oge diajar mah penting pisan sabab ku arang mineung diajar maka urang bakal jadi jalama pinter moal jadi jelema boloho.

Related : Jenis jenis biantara

0 Komentar untuk "Jenis jenis biantara"

DUKUNG KAMI

SAWER Ngopi Disini.! Merasa Terbantu Dengan artikel ini? Ayo Traktir Kopi Dengan Cara Berbagi Donasi. Agar Kami Tambah Semangat. Terimakasih :)
close
close